Halaman Blog Kang Asep Sule

Conto Tatarucingan Tradisional Urang Sunda Keur Heuruy

wilujeng wayah kieu dulur salembur baraya sakota. Dina danget ieu kang asep sule bade nyanggakeun babaraha hiji conto tatarucingan sunda nu biasa dijadikan bahan pikeun heureuy jeung babaturan atawa jeung saha wae nu biasa heuruey.

Sateuacanna, bilih aya nu tacan terang naon ari tatarucingan, cik urang beberkeun hela sajorelat naon ari tatarucingan teh.

Tatarucingan teh nyaeta mangrupakeun tanya jawab atawa dialog jalma duaan atawa lobaan anu ngandung unsur humor. Jadi dina tatarucingan mah patanyaan sareng jawaban teh sadayana ge ngan saukur heuruy wungkul, lain keur tanya jawab anu nyaan atawa serius. Biasana nu nanya jeung nu ngajawab teh gantian, dialog kahiji nanya, dialog kadua ngajawab, kitu saterusna. Aya oge anu tatarucingan bari dilombakeun, saha nu teu bisa ngajawab eta nu eleh dina tatarucingan.
Jadi intina tatarucingan teh tebak-tebakan atawa bahasa Indonesia na mah teka teki tapi bodor.

Tah ieu babaraha conto tatarucingan nu biasa aya dimasyarakat urang Sunda.

tanya: dipencet bujal kaluar tina huluna?
jawab: odol

tanya: nu handap peupeureudeuyan, nu luhur engguk-enggukan?
jawab: nu ngaragaji

tanya: hayam rintit nonggeng kalangit?
jawab: danas

tanya: budak leutik ngambay peujit?
jawab: jarum

tanya: nakol beduk sabaraha warna?
jawab: tiluwarna (ti luar na)

tanya: naon bedana onta jeung daun sampeu?
jawab: onta di arab, daun sampeu diurab

tanya: diasupkeun malah kaluar?
jawab: kancing

tanya: sebutkeun 100 ngaran buah nu tungtungna hurup k?
jawab: jambu buruk, apel buruk, buah buruk, ...

tanya: Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
jawab: toge

tanya: Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
jawab: kareta api

cik tatarucingan dihandap ieu naon jawabna.

1. buah naon nu dipikaresep ku lalaki?
2. dibuka aya buluan, dibuka deui aya kacangan?
3. hurup awalna K tungtungna L, mun dipake jadi manjangan, teu dipake ngulapes mondokan?
4. ditangkep teu katangkeup di jing-jing kabawa dua?
5. Tukang naon mun disauran malah lumpat ngencengan?

Ketik jawabanna dina kotak komentar dihandap ieu. Bisa komentar facebook atawa komentar blogger.


Posted by: Kang Asep Sule, at 23.17

1 komentar:

Unknown mengatakan...

5. tukang puak paok

Posting Komentar